Rabu, 28 November 2012

Ngobrol Pertanian Organik Ti Jomantara






Masih inget keneh waktu kuring ditawaran  titah mawakeun acara “ayo Bertani Organik” di Radio Max Fm Waingapu Sumba timur, ku pak Heinrick Dengi nu boga Radio.
Rasa kabungah, geumpeur jeung bingung ngajadi hiji, pas mimiti kuring siaran. Soalna alat-alat nu disanghareupan masih karasa asing, serba computer. Estuning canggih sok sanajan ieu radio jauh ti kota-kota gede. “ Ah piraku kuring rek eleh mundur kunu kararieu?.” Ceuk hate ngagerentes, bari kesang ngadadak ngoprot padahal ruangan make AC.
Antukna Pak Henrik ku kuring di Sandera supaya maturan salila siaran, supaya ulah salah mencet. Lamun salah mencet tombol bisa bahaya, acara bisa kacau. Sabab ieu radio max Fm kacida pisan dipikaresep ku masyarakat pendengar di  Kabupaten Sumba Timur.
Dina siaran  Radio eta ,Kuring ngakukeun ngaran lain ngaran asli, tapi ngarana “KANG BAYAN”. Sabab apal meureun kuring mah urang Sunda Pituin, turunan Bani Sumhayi, ti  Ranca Gede ,Jawa Barat. Siaran mimiti kaitung sukses.Lilana dua jam. Loba nu ngirim sms jeung nelpon kana acara kuring. Antara macakeun sms jg narima telepon kacida pisan geupeur, sora kuring nu kacida hadena ngadadak ngageter, tapi Pak Heinrick teu bosen –bosen ngabejaan kuring supaya tenang .
Nu ngirim sms, jeung nelepon loba pisan nanyakeun masalah tatanen. Beu kanyataan gening rahayat teh butuh pisan ku informasi jeung bimbingan. Untung aya Radio nu bisa ngajawab sagala permasahan saputar dunia pertanian.
“Asa ngimpi aya acara pertanian di radio, kuduna mah pamarentah ngayakeun nu kararieu teh.” Kitu ceuk pak Martinus njalapati, hiji pendengar di Kandara waktu panggih jeung kuring, di sawahna.
“Tapi kang kacida mangfaatna eta acara teh,  sabab bisa bari hiburan jeung bisa didengekeun ku keluarga , nambahan kanyaho  masyarakat khususna para patani.” Cenahna
Teu karasa Kuring mawakeun acara “Ayo Bertani Organik” ampir rek sataun lilana. Loba masyarakat nu nganuhunkeun ku ayana kuring siaran, sabab bisa ningkatkeun wawasan keur masyarakat jeng nu utama mah bisa ningkatkeun kabutuhan pangan pikeun balarea.
Kuring ngarasa bagja bisa nepakeun kamampuan  nu dipiboga ka dulur-dulur di Kabupaten Sumba Timur. Sok sanajan tina Radio. Beu teu karasa acara ngajomantara tos ampir sataun.
 Nuhun Pak Heinrick Dengi, pamugi ieu Radio abadi di hati, jaya di Jomantara…..!!! (Radita)





Tidak ada komentar:

Posting Komentar